Kalang sunda

 pantun bogor: Pakujajar beukah kembang bagean ka 5

tutungkusan: aki uyut baju rambeng

simpenan: rakean minda kalangan


Sang hiyang kala laju unggah deui… ka kahiyangan;

Deuk ngageuingkeun anu baroga jangji:

Sang hiyang wenang jeung sang hiyang wening!

Laju badami…….

Ceuk sang hiyang wenang: “kaula sapuk jeung omong dia!

Anu sakarep-karep jaradi jelema,

Engke amun gunung-gunung geus garundul,

Leuweung-leuweung beyak dibukbak,

Arinyana bakal baralik deui jaradi sato:

Lolobana jaradi:

Monyet hararejo mabok kawasa,

Monyet bareureum parebut kawasa;

Ayeuna mah keun bae;

Sina paboro-boro heula ngadeugkeun mandala meneng!”


Ceuk sang hiyang wening: “adi kala…….!

Kaula anu pangkolotna;

Tapi adi kala bener bungsuna,

Tapi dina anu uga-dewaan jagat;

Lantaran dia anu jadi

Dewa mangsa, dewa pati……………!

Wenang teh…….jayaning lampah,

Wening teh……sarining rasa…..!

Tapi……. lampah eujeung rasa

Mowal deuk aya,

Amun hanteu di wenangkeun

Ku mangsa atawa pati…………….,

Sanajaaaaaaaaaaan geus di jurung ku kawening;

Adi kala! Kaula sapuk ka omong dia!

Kaula eudeuk turun deui, deuk nedunan kahayang anu marenta,

Nu tarapa di jagat manusa pinuh jelema……….!


Laju sang hiyang wening miang……..turun………;

Di dieu geuh…….di dieu inyana turun keur baheula teh,

Di enggon ayeuna eyang diuk……!


Ceuk sang hiyang wening: “incu-incu eyang……!

Ieuh…eyang geus turun deui;

Kadarieu kaseeeeeep……….!”


Nu keur tarapalaju nyarampeurkeun;

Sarujud…… tapi hanteu ngomong atawa nyarita!

Ceuk sang hiyang wening: “ieu eyang deuk ngabukti-eun jangji!

Mimiti ti ayeuna ieu dia kabehan…………

Jaradi jelema……..!”


Nu tarapa sarujud deui. Tapi euweuh saurang anu salin waruga!

Ceuk sang hiyang wening: “ku naha ngaing bet teu maaaaaanjur?”

Laju inyana ngomong sabari nyentak:

“jaradi jelema, atuh!

Atuh……….!”


Tapi anu keur tarapa mah kitu-kitu keneh bae;

Badak hanteu igeug-igeug acan,

Meyong hanteu obah bari ngadangong;

Lutung jongjong bae sila tutug;

Ngan ciyung….inyana mah culak cileuk sabari bingung;

Bingungna?

Neuleu dewa gagaro jiga teu ateul.

Tapi ciyung hanteu nyaho: dewa ogeh keuna ku poho…..!

Poho…..najan wenang najan wening,

Sagala teh aya mangsana jeung wayahna!

Sang hiyang wening kabingungan.

Laju nyambat sang hiyang dewa kala…………!


Kocapkeun…. anu disambat anggeus turun.

Ceuk sang hiyang dewa kala: “atuh meureun kakaaaaaaaaang!

Mimiti….kuamah dia nyarita?

Apan jangji dia: jadi manusa!

Ayeuna dititah jaradi: jelema….!

Atuh meureun, atuh karuhan……….!

Apan jelema teh wujud gogoda!

Montong teuin di alam hirup,

Di alam inyana paeh ogeh,

Jelema teh tara sampurna!

Da puguh ngaran jelema,

Ari ngukur teh……hayang bae kuuuuuuuuurang;

Tapi mun di-taker……. mudu bae sina mucung;


Mantak arinyana harayang jaradi manusa…..?

Hanteu parurun jaradi jelema……?

Lantaran arinyana hayang weruh:

Naeun sabab aya “hidup”,

Pieun naeun sina “hirup”,

Naeun guna mudu “hurip”…………!

Jeung arinyana harayang ngarti:

Naeun hartina pati……….?

Abeh saumur hirup:

Panjang bangban manan deupa;

Jeung ulah keloh ditapak sipat.

Abeh atuh leuleuwihna, bikeuneun nulungan batur;

Tapi kakurangna….. randapeun diri sorangan…….!

Abeh sugan kaduga nandangan sangsara,

Dina hirup sabari bakti,

Nya bakti ka indung-bapa……..,

Ka par akaruhun jeung sang rumuhung;

Abeh engke di waktu mulang.

Misah tina raga nu tanpa rasa,

Hanteu sasab unggah mandala……..!

Kakang wening……….. atuh sina geura jaradi:

Manuuuuuuuuuuusa………….!”


Ceuk sang hiyang wening: “e-eh……kutan heu-euh!

Jangji teh: jadi manusa!

Hayuh kadinyah…….bari disaksian sang hiyang dewa kala,

Seug……… geura salin waruga………!

Geura jaradi manusa,

Boga rasa, rasa manusa; boga rupa, rupa manusa;

Boga sora, sora manusa; boga hate, hate manusa;

Baroga akal pada sampurna pi-eun bener jauh ti salah!”


Laju anu tadi tarapa teh rarasaan awak di gedogkeun;

Laju….jleg,jleg,jleg,jleg bae jaradi manusa!

Garagah wanda, lalungguh semu……,

Sewang-sewang baroga wanda ti rupa asal!

Malah anu mimiti tadina ciyung,

Keur kasep teh, cepetang pinteur nyarita!

Laju sarujud ka dewa anu duwa; laju

Anu tadi di rupa badak…… ngaliyeuk ka urut maung.

Urut maung…..ngaliyeuk ka urut lutung;

Urut lutung…..ngaliyeuk ka urut ciyung;

Urut ciyung ngaliyeuk ka urut badak….!


Ceuk sang hiyang wening:”heu-euh, heu-euh!”

Geus kaharti ku eyang mah!

Teu mudu nganuhunkeun, teu mudu!

Lantara lain eyang anu nyalin rupa dia; eyang duwaan mah

Ngan saukur wungkul jaradi saksi,

Nyaksian: lalakon teh nurut galur,

Kunda pantun anu geus samar………!

Tah…….ayeuna mah kari dia opatan

Arunggah panggung nuluykeun lalakon!

Eyang deuk mulang deui………!

Tapi samemeh mulang……..sugan aya keneh kahayang dia?”


Ceuk sang hiyang wening ka sang hiyang kala: “saksiyan,

Beusi kakang poho deui……..!”

Laju ceuk nu tadi jadi ciyung:

“eyang basa kaula jadi manuk,

ngaran kaula teh disebut ciyung!

Geus kieu ngarupa manusa, hanteu mudu ganti kituh?”


Ceuk sang hiyang wening: “ari mudu mah, hanteu!

Lantaran ngaran teh, hanteu ngarobah hate eujeung pikiran!

Hanteu kedik-kedik jelema baroga ngaran jelema,

Tapi hate, pikiran jeung laku lampah………

Hanteu beda begu atawa ajag,

Jaradi buhaya sawaruga jelema………!

Ngaran teh, nandakeun bangsa jeung nagara;

Tapi engke jaga mowal kurang-kurang jelema,

Marake ngaran bangsa dia,

Tapi sagala-gala inyana: leuwih jore

Manan arinyana anu ngamarusuhan bangsa dia kabehan!

Jelema anu kararitu, engkena baris sirik ka bangsa dia;

Laju rawayan dia di saringsiyeunan dina garanti ngaran!

Hanteu anu jarulid eudeuk ngadugah,

Ganti ngaran teh…. tandana jaman keur ganti;

Keur unggah ka jaman di ieu buwana di jagat ieu,

Mimitiyan loba mandah raragagan tina dahan,

Mimitiyan loba jelema arocot kedok, laju tembong

Sewang-sewangan ngawujud cara baheula:

Asal kunyuk…………jaradi deui monyet,

Asal ajag……………..jaradi deui anjing leuweung,

Asal bajul…………….jaradi deui buhaya,

Asal badawang……..jaradi deui kuya…..,

Asal sato………………baralik deui jadi binatang……..!”


Laju loba jelema ngaku-ngaku manusa, dina seja:

Ngadeugkeun tegal perang panglokatan,

Gara-gara:

Jelema teh lain manusa……..!”


Ceuk anu tadi jadi ciyung: “eyang, nu kumaha ari manusa?”

Ceuk sang hiyang wening: “dina wujud mah saruwa!

Ngan ari manusa mah: “nyaho hirup….ngarti di paeh……!

Ucap letah tehsawara hate! Sawara hate…..sawara sukma!

Amun nyembah……lain ngarah dikanyaah, tapi ajen

Anu medal tinda dasar angon tanpa pangarah……!

Tah eta tanda-tanda utama jadi manusa!

Jeung ari manusa mah, hanteu butuh ku ngaran alus!

Lantaran ngaran teh: lain waruga adegan,

Oge lain adeganana waruga, jeung lain pangeunteungan hate;

Lantaran hanteu kurang-kurang anu:

Dina beungeut manis seuri….tapi,

Dina hate……eudeuk meuncit………!”


Ceuk anu tadi jadi ciyung: “mun ngaganti,

Mudu kumaha, eyang? Saha anu mudu nyebutna?”

Ceuk sahng hiyang wening: “kudu ngalalana heula!

Lantaran ngaran hade mah…..dijiyeun kundeungeun!

Lain di reka dipapantes sorangan………..!

Sejen ti ngaran naeun deui?

Suuuuuuugan…….harayang boga tanah……….?”


Ceuk anu tadi jadi ciyung: “eyang, apan sa-jagat ieu teh

Geus aya nu boga!

Hade kituh ngabogaan banda, mun geus aya anu bogana?

Apanan montong teuin di ngaran banda,

Geuning nyawa anu aya di raga anu mamawa ogeh,

Keuna ku basa:

“dicokot deui ku anu bogana………!”

ceuk sang hiyang wening: “heu-euh, heu-euh;

eta bener kitu, kasep! Tapi kieu:

sang hiyang guriyang tunggal, ku sang hiyang tunggal

geus di widian nangtukeun:

unggal anu harirup bari boga kahayang,

weunang boga akuwan sasewang-sasewangna!

Tapi ieu tanah sakieu legana, encan aya anu ngaku;

Sejen ti anu geus dipenta ku ki kuya jeung ki catang!

Kumaha……….?”


Ceuk urut ciyung: “eyang, apan kaula kabehan,

Eudeuk nyiyar heula ngaaaaaaran!

Meureun sajero kaula kabehan nindak teh,

Meureun akuwan teh euweuh nu ngurus……..?”

Ceuk sang hiyang wening: “eta mah hanteu hese!

Urang nyiyeun sulur be,

Nu ku eyang dijiyeun tina dia kabehan:

Tanaga………urang cokot ti ki badak;

Wawanen…..urang cokot ti ki maung;

Kapinteur…..urang cokot ti ki lutung jeung……….”

Ceuk sang hiyang kala: “ulah, ulah make capetang!

Lantaran amun manusa capetang cara ki ciyung ieu,

Mowal aya demit deuk bisa usik,

Mowal aya jurig wani-wani nyiriwuri;

Jeung mantak jagat teh…..pondok lalakon!

Capetang mah……..agehkeun! pi-eun engke:

Tukang mantun……….!”

Ceuk sang hiyang wening: “hade……..!” laju inyana

Ngala tujuh kembang anu harita kari sahiji-sahiji deui bae!

Nyaeta kembang:

Keclak bentang,

Sari ibun,

Gandaruwan,

Huru banyu,

Salam miang,

Tapak pajah, jeung kembang areuy:

Deudeuh gurat, amun beukah amun geus namprak,

Tapi lingkup di keur ngagantung jeung di wayah seungit melenghir,

Nyiyeun popohonan anu keur ngambu,

Jeung di wayah keur hanteu seungit,

Kadengdeuleu bae ku nu geus neuleu…….!


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Siliwangi, ki santang jeung kembang

Sabada seba baduy