Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2022

Basa sunda diusik, urang sunda ngulisik

Gambar
  Ki belang nguniang ᮊᮤᮘᮨᮜᮀ ᮍᮥᮔᮤᮃᮀ Ki badak curinghak ᮊᮤ ᮘᮓᮊ᮪ ᮎᮥᮛᮤᮀᮠᮊ᮪ Mireungeuh lutung mangprung ᮙᮤᮛᮩᮍᮩᮂ ᮜᮥᮒᮥᮀ ᮙᮀᮕᮢᮥᮀ Pating salemprung ᮕᮒᮤᮀ ᮞᮜᮨᮙ᮪ᮕᮢᮥᮀ Muru gagak nungelak dina tanduk munding hideung bule babangus ᮙᮥᮛᮥ ᮌᮌᮊ᮪ ᮔᮥᮍᮨᮜᮊ᮪ ᮓᮤᮔᮒᮔ᮪ᮓᮥᮊ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮤᮀ ᮠᮤᮓᮩᮀ ᮘᮥ ᮜᮦ ᮘᮘᮍᮥᮞ᮪ Nyaring. .. Nyaring..!!!! ᮑᮛᮤᮀ... ᮑᮛᮤᮀ...!!!! Hudang jalu.... !!! ᮠᮥᮓᮀ ᮏᮜᮥ...!!!! Poma ulah arek tibra deui ᮕᮧᮙ ᮅᮜᮂ ᮃᮛᮦᮊ᮪ ᮒᮤᮘᮢ ᮓᮩᮄ Dipepende uga jaga, sawarga jeung engke.  ᮓᮤᮕ ᮦᮕ ᮦᮔ᮪ᮓ ᮦ ᮅᮌ ᮏᮌ , ᮞᮝᮁᮌ ᮏᮩᮀ ᮈᮀᮊ ᮦ. Urang sunda ngahampura ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮍᮠᮿᮕᮥᮛ Nusa jaya deui sabab ngadeg ratu adil ᮔᮥᮞ ᮏᮚ ᮓᮩᮤᮄ ᮞᮘᮘ᮪ ᮍᮓᮨᮌ᮪ ᮛᮒᮥ ᮃᮓᮤᮜ᮪ Nu ngaratuan dina diri dirina nu ngadilan ᮔᮥ ᮍᮛᮒᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮓᮤᮛᮤ ᮓᮤᮛᮤᮔ ᮔᮥ ᮍᮓᮤᮜᮔ᮪  lampahna sewang sewangan. ᮜᮿᮕᮂᮔ ᮞᮦᮝᮀ ᮞᮦᮝᮍᮔ᮪   Adil kadiri adil kasasama. ᮃᮓᮤᮜ᮪ ᮊᮓᮤᮛᮤ ᮃᮓᮤᮜ᮪ ᮊᮞᮞᮙ Ngulisik lilir.... Lilir ya merbangun ᮍᮥᮜᮤᮞᮤᮾ ᮜᮤᮜᮤᮁ ᮚ ᮙᮨᮁᮘᮍᮥᮔ᮪ Sunda napak dina lacak, ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮔᮕᮾ ᮓᮤᮔ ᮜᮎᮾ Baheula kapegat simpay ᮘᮠᮩᮜ ᮊᮕᮨᮌᮒ᮪ ᮞᮤᮿᮕᮚ᮪ Kiwari urang patepung deui ᮊᮤᮝᮛᮤ ᮅᮛᮀ ᮕᮒᮨᮕᮥᮀ ᮓᮩᮄ Sauyunan sabeungkeutan