Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2021

Detik-detik ngahiyang-na . . . HIYANG PARABU SILIWANGI

(Sabagean ieu Wangsit,  nyutat tina sumber aslina,  Pantun Bogor Aki Uyut Baju Rambeng) Hung… Ahung . . . Menta Widi ka . . . nu nunggal di kalanggengan nu ngaruhum ti kasucian nu ngabogaan sakabeh Jagat nu ngabogaan sakabeh Alam Paralun . . .Paraluuuuun . . .   ka sakabeh . . .   nu kumelip,nu arusik nu narapak dina keur nindak nu teu narapak dina keur nindak nu kalangkangan dinu caraang nu dinu caang teu kalangkangan Paralun . . .   Paralun . . . Ieu kaula eudeuk nyatur Galur Pantun anu Buhun, Haneuleum tunda Karuhun Hanjuaneun anu marapay Paraluuun . . . DAWUH HIYANG PARABU SILIWANGI :   . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .  . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . " Kaula bakal datang ngalanglangan, pieun nulungan anu barutuh, pieun mantuwan anu sarusah, tapi ngan ka sakur anu SUNDA PAJAJARAN, bari PAJAJARAN anu SUNDA, jeung NYARUNDA DINA SUKMA . . .! di waktu Kaula datang ngalanglang, Kaula datang hanteu kadeuleu, amun Kaula nyarita, sora Kaula m

Kalang sunda

 pantun bogor: Pakujajar beukah kembang bagean ka 5 tutungkusan: aki uyut baju rambeng simpenan: rakean minda kalangan Sang hiyang kala laju unggah deui… ka kahiyangan; Deuk ngageuingkeun anu baroga jangji: Sang hiyang wenang jeung sang hiyang wening! Laju badami……. Ceuk sang hiyang wenang: “kaula sapuk jeung omong dia! Anu sakarep-karep jaradi jelema, Engke amun gunung-gunung geus garundul, Leuweung-leuweung beyak dibukbak, Arinyana bakal baralik deui jaradi sato: Lolobana jaradi: Monyet hararejo mabok kawasa, Monyet bareureum parebut kawasa; Ayeuna mah keun bae; Sina paboro-boro heula ngadeugkeun mandala meneng!” Ceuk sang hiyang wening: “adi kala…….! Kaula anu pangkolotna; Tapi adi kala bener bungsuna, Tapi dina anu uga-dewaan jagat; Lantaran dia anu jadi Dewa mangsa, dewa pati……………! Wenang teh…….jayaning lampah, Wening teh……sarining rasa…..! Tapi……. lampah eujeung rasa Mowal deuk aya, Amun hanteu di wenangkeun Ku mangsa atawa pati……………., Sanajaaaaaaaaaaan geus di jurung ku kawening