Detik-detik ngahiyang-na . . . HIYANG PARABU SILIWANGI


(Sabagean ieu Wangsit, 

nyutat tina sumber aslina, 

Pantun Bogor Aki Uyut Baju Rambeng)


Hung… Ahung . . .

Menta Widi ka . . .

nu nunggal di kalanggengan

nu ngaruhum ti kasucian

nu ngabogaan sakabeh Jagat

nu ngabogaan sakabeh Alam

Paralun . . .Paraluuuuun . . .

 

ka sakabeh . . .

 

nu kumelip,nu arusik

nu narapak dina keur nindak

nu teu narapak dina keur nindak

nu kalangkangan dinu caraang

nu dinu caang teu kalangkangan

Paralun . . .

 

Paralun . . .

Ieu kaula eudeuk nyatur

Galur Pantun anu Buhun,

Haneuleum tunda Karuhun

Hanjuaneun anu marapay

Paraluuun . . .


DAWUH HIYANG PARABU SILIWANGI :

 

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

 . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

" Kaula bakal datang ngalanglangan,

pieun nulungan anu barutuh,

pieun mantuwan anu sarusah,

tapi ngan ka sakur anu SUNDA PAJAJARAN,

bari PAJAJARAN anu SUNDA,

jeung NYARUNDA DINA SUKMA . . .!

di waktu Kaula datang ngalanglang,

Kaula datang hanteu kadeuleu,

amun Kaula nyarita,

sora Kaula mowal kadenge !

sakur anu ngaku-ngaku kadatangan Kaula,

jeung majarkeun inyana neuleu ka Kaula,

atawa ngadenge Kaula nyarita,

masing dia nyaraho,

jelema kitu teh JELEMA SASAR maju ka EDAN !

Bisa oge inyana teh KADATANGAN,

tapi ku SUKMA anu NGAKU_NGAKU cenah Kaula !

Masing dia nyaraho,

jelema kitu teh KASANDINGAN nu NYILIWURI !

Kaula datang teu ngarupa teu nyawara,

tapi mere ciri ku WAWANGI . . . !

kitu oge ngan ka arinyana anu geus RANCAGE dina hate,

eujeung WERUH dina semu anu saestu,

bari ngarti dina WANGI anu SAJATI,

eujeung pikir surti lantip dina lampah anu hade !

Regepkeun !

Mimiti poe ieu,

POE KA TUJUH dina TAUN KA 57

Kaula jadi Raja di Pajajaran,

Mimiti ti poe ieu

PAJAJARAN PINDAH JAGAT PINDAH ALAM !

PINDAH KA  JAGAT  PAPANTUNAN

pieun LANGGENG HIRUP JERO ALAM PANINEUNGAN . . .!

LEUNGIT BASANA, mawa LEUNGIT KA BANGSA-BANGSANA . . .!

PAJAJARAN undur tina PANGGUNG KAAGUNGAN,

naratas ALAM PANGHIYAMAN,

tapi dina nindak pindah jaman,

PAJAJARAN mowal  ninggalkeun LACAK,

sejen ti NGARAN pieun nu mapay . . .!

sabab bukti-bukti anu kari oge,

bakal diparungkir dimarusnahkeun . . .!

Tapi engke jaga bakal aya anu nyariyar,

nyaroba-nyoba sugan kaguwar,

harayang nimu anu geus leungit !

nya hanteu loba anu kapanggih,

jeung ti loba anu kapanggih,

loba jasa nu teu kaharti,

sabab dihartieun ku arinyana anu teu ngarti,

tapi HARAYANG DISEBUT LOBA PANGARTI.

memang AYA ANU BENER-BENER BOGA PANGARTI,

tapi arinyana mah teu diparcaya,

sabab ku nu arieu aing pinter tapi barodo,

carita arinyana anu bener,

dipajarkeun mangmeunangkeun PAJAJARAN !

Loba anu nyararoba harayang muka RAHSIAHNA PAJAJARAN,

tapi mowal eudeuk kabaruka ,

sabab TULAKNA pageuh dikeukeuweuk BUDAK ANGON,

anu IMAHNA di BIRIT LEUWI,

di PANTOWAN BATU SATANGTUNG,

KASIYEUMAN ku HANEULEUM,

KAKALANGKANGAN KU HANJUWAN . . .!

sabab ACAN WAYAH pieun ngalalakonkeun

PAJAJARAN NGAMUK NGARAKRAK PANGGUNG !

Beuki loba anu maruruh,

tambah loba anu katimu,

tapi. . . sabagiyan-sabagiyan anu bae beuki nyieun lalakon

beuki tambah bae hanteu kaharti,

da saralah nyambung-nyambungkeun,

acak-acakan nganyamkeunana . . .!

jeung dina maruruh  . . .

HARAYANG  MARAPAY  BARI  DIHARUWAPAN . . .!

Mapay lacak PAJAJARAN mah, mudu bari RUBAK AMPARAN . . .!

jeung mudu ARAREDAN EDAN-EDANAN,

dina jaman sagala edan !

da ngan ti nu keur edan  . . .

TEMBONG NATRAT ka hanteu beneran teh !

Anu dina nyukcruk bari maruruh,

dina marapay sabari nyaksrak hanteu pipilueun  e-edanan,

ngan arinyana anu diluluguwan BUDAK ANGON.

sabab ngan Inyana anu WERUH DISEMUNA BARI NYAHO DIJOGONA.

da Inyana mah lain ngangon Kebo di Sampalan,

lain Ngangon Badak di Alas Tangtu,

tapi KALAKAY anu marurag ti PAKUJAJAR,

jeung ti TUTUNGGUL anu pabalatak hanteu dirawat di

PATILASAN-PATILASAN TEU PUGUH NGARAN !

Loba anu katimu kuarinyana,

tapi loba anu ku arinyana disumputkeun heula,

sabab Budak Angon mah nyaho dina mangsa nu bakal datang

baris ti jelema-JELEMA-JELEMA CAROPOT KEDOK,

rahsiah maruka sorangan . . .!

Da ngan arinyana anu nyaho dilalakonna,

anu ngarti kumaha lalakonna,

bari tenget ka sakur nu di Jaman Edan Araredan

pada-pada keur ngalalakon dina PANGGUNG SARWA SULAYA.

tah eta Budak Angon anu eta,

anu engke jaga bakal MURWA LALAKON ANU SAESTU,

bari NGAJAJARKEUN DEUI PAJAJARAN

tengah-tengah JAMAN BANGSA SUNDA LEUNGITEUN JIWA SUNDA . . . !

tapi mudu ngalaman heula loba lalakon,

anggeus nyorang undur Jaman datang Jaman. . .

saban Jaman mawa lalakon !

kebelna saban Jaman anu daratang piligantiyan,

saruwa jeung wayahna giliran daratangna SUKMA anu mudu NYUKMA,

NGUSUMAH, eujeung NITIS, eujeung WAYAHNA RAGA DIPINDO SUKMA !

………………………………………………………………………….


................

" Darengekeun !

Mimiti powe ieu,

urang kabehan parindah Alam,

tapi aya bae di jagat ieu keneh ieu keneh !

 

Urang NGAHIYANG . . . !

 

Teu kadeuleu ku mata jelema !

Pieun engke di wayah di Tatar Kaler

Jagat genjlong ku GARUDA megarkeun endog,

marulang deui ka Alam cara baheula . . . !

Urang daratang deui bari kadeuleu,

tapi ngan kadeuleu ku nu arengeuh !

Sabab dating urang ngawaruga,

Lain dina bangsa nu SELAM .. .!

 

Ngaing datang deui ngarupa Jelema,

Tapi mowal dina rupa urang Selam . . . !

Urang gilinggisik jeung sakabeh jelema,

Tapi ngan anu kawaris nu engke baris arengeuh !

Salila urang ngahiyang,

Dia kabehan meunang nembongan,

Dia kabehan meunang nyawara . . .!

Tapi aya pacaduan !

Hanteu meunang katembong ku sambarang jelema,

hanteu meunang nembongan ka sambarang jelema,

hanteu meunang nyawara ka sambarang jelema . . . !

Cindekna,

hanteu meunang ka sambarang jelema,

hanteu meunang di sambarang wayah . . .!

Kawidi nembongan, kawidi nyawara ngan di wayah nu kapaksa,

dina waktu anu kajurung ku perelu, bari hade nu mudu

jadi balukar ka nu nembongan jeung ka anu ditembongan,

ka nu nyawara jeung ka anu dibawa nyarita !

Anu ngarempag, tangtu bakal KABENDON,

lain ku Kaula, tapi ku PAMOLAH ARINYANA !

 

Denge !

Nu katembong TEU NGAHAJA,

bakal apes salila ti powek ka powek deui,

atawa ti caang ka wayah deui caang ! Aya PAMUNAHNA !

Geuwat dia ngarupakeun MAUNG,

nu leumpangna NGELESED sabari TUNGKUL . . .!

 

Nu nembongan NGAHAJA, tembong teu kawidi hanteu perelu,

Bakal apes salila OPAT PULUH KALI WAKTU nu tadi ! 

Euweuh pamunahna !

 

Nu MANTUWAN jelema jahat, nu mantuwan jelema jahil,

Tangtu baris keuna bebendon,

sabab PAJAJARAN mah HANTEU ngajar mudu jahat,

hanteu widi keuna jail . . .!

Bebendon anu karitu,

LEUNGITEUN JALAN di waktu mulang,

Laju jaradi MEYONG nu baris marodar ku pakarang ! 

Euweuh pamunahna !

 

Nu TUTULUNG di hade gawe, mantuwan lain liliyuran,

DIWIDI laluwasa galling-gisik di duwa Alam,

Alam jelema biyasa jeung Alam PAJAJARAN !

 

 

Jelema ti ruar kalangan urang,

amun nyiyeun salah ka urang kabina-bina,

amun hiri dengki jail ka urang,

atawa ngahiyam ngahihina PAJAJARAN . . . , tewak ku dia!

Laju puwat keuna KARETA PAJAJARAN nu meneran eudeuk ngaliwat !

Mun karetana ditarik KUDA OPAT HARIDEUNG,

eta pitandaeun nu salah teh MUDU DIHUKUM !

Mun nu narikna KUDA OPAT BARODAS,

eta pitandaeun nu salah teh BISA DIHAMPURA !

Mun geus inyana tobat jangji mowal deui-deui,

ka urang nyiyeun kateungeunah,

pulangkeun inyana ka Alam inyana deui,

tapi sina neuleu heula pieun bukti,

Nagara PAJAJARAN di SEJEN ALAM,

Alam PAJAJARAN nu NGAHIYANG . . . !

 

Lilana urang ngahiyang,

OPAT JAMAN KA LIMA DATANG

Nu kebelna JANGKEP OPAT KALI SARATUS TAUN !

Piliganti saban jaman,

ti urang mudu aya nu nyilok,

hirup babarengan jeung jelema,

mawa rupa, rupa jelema,

tapi anu mahiwal ti nu biyasa . . . !

Gawe inyana ?

Nengetkeun nu ti musuh jadi deui jelema,

diana seja ngahaharuawan PAJAJARAN,

nyaritakeun UGA beunang arinyana nyiyeun sorangan !

ulah dipodaran !

Keun sina karojorkasiku ku eta UGA !

Ayeuna dia kabehan,tuturkeun Kaula,

 

kumaha Kula be .. . !

Urang papag Jaman nu bakal datang,

Jaman ngadeg deui PAJAJARAN,

anu jembar hampura, anu subur tatanenna,

anu bera dagangeunna,

anu ragem jeung papada nu hade hate !

 

Urang nindak . . ., PEUREUM . . .!"

Laju Raja ngudarkeun BEUBEUR,

BEUBEUR CINDE,

CINDE WULUNG . . .

dikebutkeun !

Leus ngileus . . .!

 

Sakabeh nu satiya ka Raja teu katembong ku panenjo,

pada leungit tina pangdeuleu !

ngan Si Lengser hanteu ngaleungit,

hanteu leungit hanteu euweuh . . .,

ngajentul keur nagkeup tuur,

jiga TUNGGUL SEMPUR eukeur NGABATU !

……………………………………………………….

……………………………………………………….

 

Paralun . . . Paralun . . . 

Bisi kalula nyatur nakul jalur

Nyarita pasalia beja

Ngalalakon pacorok omong


Teundeun . . . sina jadi Haneuleun Siyeum (sina jadi euweuh hartina keur nu henteu merhatikeun)

Tunda . . . sina jadi Hanjuwan Siyang (sina jadi guareun keur nu mikadeudeuh)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Siliwangi, ki santang jeung kembang

Sabada seba baduy