Basa sunda diusik, urang sunda ngulisik

 

Ki belang nguniang

ᮊᮤᮘᮨᮜᮀ ᮍᮥᮔᮤᮃᮀ
Ki badak curinghak

ᮊᮤ ᮘᮓᮊ᮪ ᮎᮥᮛᮤᮀᮠᮊ᮪
Mireungeuh lutung mangprung

ᮙᮤᮛᮩᮍᮩᮂ ᮜᮥᮒᮥᮀ ᮙᮀᮕᮢᮥᮀ

Pating salemprung

ᮕᮒᮤᮀ ᮞᮜᮨᮙ᮪ᮕᮢᮥᮀ
Muru gagak nungelak dina tanduk munding hideung bule babangus

ᮙᮥᮛᮥ ᮌᮌᮊ᮪ ᮔᮥᮍᮨᮜᮊ᮪ ᮓᮤᮔᮒᮔ᮪ᮓᮥᮊ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮤᮀ ᮠᮤᮓᮩᮀ ᮘᮥ ᮜᮦ ᮘᮘᮍᮥᮞ᮪
Nyaring. .. Nyaring..!!!!

ᮑᮛᮤᮀ... ᮑᮛᮤᮀ...!!!!
Hudang jalu.... !!!

ᮠᮥᮓᮀ ᮏᮜᮥ...!!!!
Poma ulah arek tibra deui

ᮕᮧᮙ ᮅᮜᮂ ᮃᮛᮦᮊ᮪ ᮒᮤᮘᮢ ᮓᮩᮄ
Dipepende uga jaga, sawarga jeung engke.

 ᮓᮤᮕ ᮦᮕ ᮦᮔ᮪ᮓ ᮦ ᮅᮌ ᮏᮌ , ᮞᮝᮁᮌ ᮏᮩᮀ ᮈᮀᮊ ᮦ.
Urang sunda ngahampura

ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮍᮠᮿᮕᮥᮛ

Nusa jaya deui sabab ngadeg ratu adil

ᮔᮥᮞ ᮏᮚ ᮓᮩᮤᮄ ᮞᮘᮘ᮪ ᮍᮓᮨᮌ᮪ ᮛᮒᮥ ᮃᮓᮤᮜ᮪
Nu ngaratuan dina diri dirina nu ngadilan

ᮔᮥ ᮍᮛᮒᮥᮃᮔ᮪ ᮓᮤᮔ ᮓᮤᮛᮤ ᮓᮤᮛᮤᮔ ᮔᮥ ᮍᮓᮤᮜᮔ᮪

 lampahna sewang sewangan.

ᮜᮿᮕᮂᮔ ᮞᮦᮝᮀ ᮞᮦᮝᮍᮔ᮪  
Adil kadiri adil kasasama.

ᮃᮓᮤᮜ᮪ ᮊᮓᮤᮛᮤ ᮃᮓᮤᮜ᮪ ᮊᮞᮞᮙ
Ngulisik lilir.... Lilir ya merbangun

ᮍᮥᮜᮤᮞᮤᮾ ᮜᮤᮜᮤᮁ ᮚ ᮙᮨᮁᮘᮍᮥᮔ᮪
Sunda napak dina lacak,

ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮔᮕᮾ ᮓᮤᮔ ᮜᮎᮾ
Baheula kapegat simpay

ᮘᮠᮩᮜ ᮊᮕᮨᮌᮒ᮪ ᮞᮤᮿᮕᮚ᮪
Kiwari urang patepung deui

ᮊᮤᮝᮛᮤ ᮅᮛᮀ ᮕᮒᮨᮕᮥᮀ ᮓᮩᮄ
Sauyunan sabeungkeutan.

ᮞᮅᮚᮥᮔᮔ᮪ ᮞᮘᮩᮀᮊᮩᮒᮔ᮪.
Lilir...... Lilir....

ᮜᮤᮜᮤᮁ.... ᮜᮤᮜᮤᮁ...
Yaa merbangun...

ᮚᮃᮃ.. ᮙᮨᮁᮘᮍᮥᮔ᮪

E& KARIMAKE ( 12122)








Komentar

Postingan populer dari blog ini

Siliwangi, ki santang jeung kembang

Sabada seba baduy